SUMANGET NU NGARUBAH SADAYANA

Kenging : Zahra Sri Rahayu (X MIPA 2)
Dina salah sahiji kampung, aya hiji budak anu katelah bangor na nepika indung bapa na era ngabogaan éta budak.
"Jang, jadi budak téh cing bageur atuh, budak tatangga mah keur mah bageur, pinter deuih, cacakan mah sakola deukeut maenya sakola na teu bener mah" ceuk emak bari ngadeukeutan kana kasur
"Enya" Ahmad ngajawab bari manyun
"Lain manyun! Turutan kaditu budak tatangga!" Emak ngagorowok bari kaluar kamar
"Aya naon ieu? Si Ahmad ku naon deui?" Ceuk bapa bari nyuruput kopi
"Tah si Ahmad, unggal poé téh ulin we jeung ulin lain mah diajar, indung mah hayang teh boga budak nu bageur, nurut, pinter, sholeh sholehah, taat ka agama, lain tukang ulin" emak ngagorowok ti dapur
"Diajar atuh mad, bapa mah baheula hayang sakola teh kudu leumpang jauh, kanu motor/mobil teu boga ongkos, sakapeung dibekelan sakapeung heunteu, jaman ayeuna mah sapédah aya, sakola na teu jauh, duit jajan aya wae, kurang naon deui atuh, emak jeung bapa gawé unggal poé ogé jang saha deui atuh ai lain jang manéh mah" ceuk bapa bari cengkat tina korsi
Teuing aya angin naon, poé éta Ahmad nengetan naon anu ku indung bapa na diomongkeun
Isukna, jiga biasa Ahmad siap siap rék indit ka sakola. Dijalan, Ahmad masih keneh mikiran naon anu ku indung bapa na diomongkeun kamari. Nepi sakola, Ahmad buru buru indit ka kelas.
"Si Ahmad ku naon? Meni langsung indit ka kelas" ceuk Ujang, salah sahiji babaturan Ahmad
Ujang geura geura ka kelas ngadeukeutan bangku Ahmad.
"Mad, ku naon? Sok atuh érék curhat ka urang?" Ceuk Ujang bari nyengir
"Ti ayeuna urang kudu rajin diajar euy!" Ceuk Ahmad bari ngabijilkeun buku tina kantong na
"Mad, manéh ku naon, gering?" Ujang masih kénéh bingung naon sababna Ahmad jadi jitu
"Alhamdulillah cageur urang mah, Poko na mah urang kudu rajin diajar, aduh, nya loba kénéh nu teu ngarti deuih ieu téh pelajaran na" jawab Ahmad bari mukaan buku
"Ah ieu mah moal bener" ceuk Ujang bari indit kaluar kelas
Sanggeus poé harita, Ahmad jadi getol diajar, nepi ka kenaikan kelas Ahmad menang rengking lima
"Bapa! Bapa!" Emak ngagorowok bari abus ka imah
"Aya naon atuh ieu téh meni gandéng pisan" tanya bapa bari kaluar ti kamar
"Tinggali pa, si Ahmad menang rengking lima!" ceuk emak bari ngadeukeutan bapa
Rapot Ahmad direbut bapa langsung ditinggali isina
"Ahmad, salila ujian manéh niron? Menang nilai gede timana ieu? Salila ujian manéh licik?" ceuk bapa teu percaya
"Hénté atuh pa, Ahmad mah ayeuna diajar wae" jawab Ahmad bari gék diuk
Emak geura geura lumpat ka dapur jang masak. Sedengkeun Ahmad jeung bapa cicing di teras bari ngobrol.
Sanggeus éta, Ahmad jadi tara bijil tara ogé ulin, ayeuna Ahmad jadi osok cicing dikamar jang diajar.
Nepi ka lulus SMA, Ahmad teu weleh menang rengking nepi menang beasiswa kuliah.
"Ayeuna si Ahmad geus kuliah, emak jadi sorangan atuh" ceuk emak bari nangkeup Ahmad
"Moal atuh, pan aya si bapa" jawab Ahmad bari ngeclakeun ci panon
Emak jeung bapa nangkeup Ahmad bari ceurik
"Cing salamet, beuki rajin diajar na, sehat, beuki pinter, cing ati ati" ceuk bapa bari seuri
Mobil angkot ku rék ditaekan Ahmad datang.
"Mak, pa, Ahmad angkat nya" ceuk Ahmad bari salim ka emak jeung bapa
"Jug kaditu, diajar cing getol" ceuk emak bari ngadadahan ka Ahmad
Ahmad geura geura naek kana angkot bari dodo'aan. Geus naek kana angkot, Ahmad geura geura nyokot korsi anu deukeut jandela. Ahmad ngumbara salila 3 jam anu akhirna nepi ka kota tempat na néang elmu. Ahmad geura geura turun tina angkot bari ngagandong kantong jeung ngajingjing kardus anu isina sagala kalengkepan jiga papakéan jeung sajabana.
Ahmad geuwat indit néangan kontrakan pikeun dijadikeun tempat cicing na. Sanggeus manggihan kontrakan, Ahmad geura geura mérésan kalengkepan na. Geus kitu, Ahmad geura geura tuang, nelepon indung bapa na, langsung saré.
Isukna, Ahmad siap siap jang indit ka kampus. Untungna kontrakan jeung kampus Ahmad teu jauh, jadi bisa ditempuh ku leumpang. Ahmad indit isuk isuk kusabab embungeun telat dina poé kahiji kuliah na.
Ahmad ngalaman kuliah salila 4 taun, dimana dina unggal semester na Ahmad ngalewatan sababaraha tugas budak kuliah an anu tangtuna teu gampil. Sanggeus Ahmad lulus, indung bapa Ahmad datang ka Jakarta pikeun ngadampingan budakna salila wisuda.
"Alhamdulillah boga budak teh pinter, nepi lulus kuliah, bangga emak bapa mah boga budak kieu teh" ceuk emak bari nangkeup Ahmad
"Komo deui geus boga gelar mah, moal meureun di aromongkeun deui tatangga" ceuk bapa bari seuri bagja
"Enya mak, pa, alhamdulillah" Ahmad ngajawab bari ceurik
Sanggeus acarana beres, Ahmad jeung indung bapa na balik ka kontrakan Ahmad. Tidinya, Ahmad ngarencanakeun pikeun ngalanjutkeun sakola na ka tingkat nu leuwih luhur.
"Mak, Ahmad téh hayang ngalanjutkeun sakola Ahmad" Ahmad meupeuskeun jemplingna kontrakan
"Alus atuh kitu ge" ceuk bapa bari leket leket melong panon Ahmad
"Sok wae emak mah, ngan hampura emak bapa moal bisa ngabiayaan" ceuk emak
"Enya mak, nu ayeuna mah bade ku Ahmad wae, Ahmad bade milari damel" Ahmad ngajawab bari seuri
"Ku emak jeung ku bapa di usahakeun atuh méré saeutik eutikeun" ceuk emak bari milu seuri
Isukna, emak jeung bapa balik deui ka kampung sedengkeun Ahmad indit neangan gawé.
Tilu poé kaliwat, akhirna Ahmad meunang pigawéeun. Ahmad geura geura nelepon indung bapa na nu aya di kampung.
"Mak, pa, Ahmad katarima" ceuk Ahmad bari seuri
"Katarima naon? Daftar ka kampus? Lain geus katarima didinya mah?" Ceuk emak bari bingung
"Ahmad meunang damel mak" ceuk Ahmad bari ajleng ajlengan
Emak geura geura ngageroan bapa anu keur aya di teras
"Pa, bapa, si Ahmad meunang gawé cenah" emak ngagorowok kaluar
"Maenya, syukur atuh" ceuk bapa bari nyamperkeun emak
Sanggeus katarima eta, Ahmad getol indit gawé getol ogé kuliah na. Ayeuna, Ahmad geus teu nungguan deui kiriman ti indung bapa na kusabab geus boga duit sorangan.
Ahmad ngabogaan cita cita jadi dosén, jadi Ahmad beuki getol diajar jeung leuwih sumanget deui. Nepi ka lulus, Ahmad ngaliwatan sagala rupa tugas tugas na kalayan gampang. Emak jeung bapa indit deui ka Jakarta pikeun ngadampingan budakna wisuda deui, di kampusna, Ahmad meunang juara umum kahiji, sahingga Ahmad anu datang ti kampung jadi bahan omongan babaturan kampusna.
Sataun sanggeus na, Ahmad ngajalankeun kahirupanana jadi dosén. Dimana unggal balik ka kampung, Ahmad jadi bahan omongan tatanga di kampung na. Ahmad geus sababaraha kali ngajak indung bapa na pikeun cicing di kota, ngan indung bapa na keukeuh teu hayang. Ahmad ngungumpul gajih na jang ngabangun deui imah na nu di kampung sangkan alus. Geus beres ngabangun imah, Ahmad ngungumpul deui gajih na pikeun ngahajikeun indung bapa na.
Ayeuna, Ahmad umur na geus 26 taun, tapi acan keneh manggihan jodo na. Akhirna, Ahmad mulai nyobaan bobogohan. Teu lila, Ahmad manggihan awéwé anu bener bener narima maneh na. Ahmad geura geura nelepon indung bapa na menta restu jang maneh na.
Saminggu sanggeus éta, indung bapa Ahmad datang ka kota pikeun datang ka imah awéwé na.
Dua taun sanggeusna, Ahmad nungtung budak leutik anu teu lain budakna. Unggal libur tina pigawéannana, Ahmad indit ka kampung jang manggihan indung bapa na. Ayeuna, tatangga tatangga Ahmad anu baheula sok ngomongkeun Ahmad ngadadak balageur jeung muji muji Ahmad. Baheula imah Ahmad anu pang bututna, ayeuna mah jadi imah pangalusna jiga istana. Baheula indung bapa Ahmad anu nginjeum duit ka tatangga jadi tatangga na nu nginjem ka Ahmad. Ahmad anu teu paduli kana omongan tatanggana baheula tetep méré hampura.
Sanggeus kitu, Ahmad hirup bagja jeung kulawarga na, nyaeta indung, bapa, pamajikan, jeung budak awéwé na.